Oto Iskandar Dinata |
Otto Iskandar Dinata
Tepi ka ayeuna weuleh teu ka ungkab saha atuh otak
intelektual satukangeun perlayana Oto kaasup ku buku anu ditulis saderek Iip
ieu. Teuing iraha misteuri ieu bakal ka bongkar. Copelna atuh buku Iip geus
naratas sasakala jeung kasangtukang ku naon Oto anu teu tuah teu dosa
dicangkalak. Jujur we palebah bag-bagan ieu jarang kalisankeun. Urang anu
macana ngan bisa ngurut dada bari ngalengis, singhoreng simanahoreng motif
nyamuni ditelasana Oto teh kacida pisan kompleksna. Tuduhan kolaborator Jepang
tea, mata-mata musuh anu geus ngajual Bandung satu milyun tea, jeung sajabana.
Cindekna mah kakawasaan sok komo mangsa revolusi dina rupa-rupa tabeat jeung
lobana kahayang anu beda ti antara sawatara manusa geus ngabalukarkeun Oto
ngambang di sagara dibarung motip anu mateni ngan dumasar kana ukur jeung
ceunah.
Enya Laskar Hitam ari pelaksana lapangan mah, edas
otakna can kahongkeun. Anu matak pikanyeurieun teh deuih dibuka di pengadilan
sangges kajadian eta lumangsung lima taun. Didongsok ku sawatara pihak.
Soekarno deui matak hemeng padahal boga kakawasaan tapi henteu pernah dipake
ngeprak wadya baladna pikeun maluruh sobat dalitna anu leungit. Malah anehna
teh deuih ngucapkeun bela sungkawana oge apan sangges lima taun si Jalak
harupat wafat. Boa-boa…
Tah buku Iip teh dibuka ku cara anu matak
pipanasaraneun anu maraca. Misteuri hiji pangagung nagara anu geus babakti jiwa
raga pikeun nanjerna nagara. Tragedi tragis manusa anu kebenaran urang sunda
anu geus ngawangikeun lemburna. Bumela taya kendatna. Kanyaah jeung kahaatna geus
teu diragukeun deui.
Beda jeung buku ngenaan Oto samemehna saperti nu
ditulis Nina H. Lubis, Si Jalak Harupat: Biografi R. Oto Iskandar di Nata
(2003), E. Kosim, Biografi dan Perjuangan Oto Iskandar di Nata, Sri
Sutjianingsih (1981), R. Oto Iskandar di Nata (1981), buku benang Iip mah rangu
dibacana, moal matak tunduh da miang tina kayid Iip sorangan anu moal rurusuhan
nyimpulkeun Oto satutasna maluruh geneologi Oto, tapi ku Iip diantep sina Oto
nyalira anu cumarita. Alusna deui Iip lain ngutip tina sumber sekunder tapi
langsung ancrub ngotektak referensi primer, ngaguar dokumen heubeul anu moal
boa geus bulukan jeung pinuh kekebul. Hiji gawe intelektual lain samanea.
Mejehna lamun bukuna pada ngabageakeun. Payus mun koran boh lokalna atawa
nasionalna loba anu midangkeun resensina.
Gawe Inetelektual jiga kieu teh kiwari mah
aranglangka, da gening loba jalma kaasup anu ngaku ilmuwan (Sunda) tapi henteu
pernah nataharkeun galur intelektualismeuna dina tradisi akademik anu panceg.
Geus puguheun di dunya pulitik mah da anu ngarana ”infrastuktur kognitif” geus
ditalapung kamana boa mah, ”nalar” dipangpengkeun diganti ku ritual ngabustam
matak ngabodokeun jalma anu ngabandungana. Padahal geuningan pulitisi baheula
mangsa revolusi generasi Oto Isknar di Nata mah apan sakitu alencer otokna teh,
tukang narulis, biasa polemik, da puguh garetol maca.
Ngenaan judul-judul sejena dina buku Iip satutasna
ngaguar misteuri tilarna Oto anu masih keneh misteurius, wajib oge dibaca
sangkan ’poto’ Oto bisa kagambarkeun sapuratina. Malah mandar kadituna bisa
jadi tuladan pangpangna keur urang Sunda anu kiwari ceunah keur karandapan
panyakit gering nangtung ngalanglayung dina sagala widang: ekonomina estuning
eweuh anu bisa diandelkeun, alamna burakrakan, pulitisina pakia-kia malah loba
anu ngacapruk mikung teu jelas ideologina kajaba ngan saukur muhit ideologi
hedodnis pragmatisme, palebah budaya katepaan paribasa jati ka silih ku junti
ceuk Gramscki mah hegemoni tea sabab geus teu ngarasa deui mibanda Sunda.
Atra geuning Oto mah henteu gimir ngayonan polemak sok
sanajan jeung dulur-dulurna sorangan (h. 43-58). Polemak dina argumen anu jelas
sarta henteu ngabalukarkeun bengkahna babarayaan. Atuh eta nalika menang amanah
jadi pupuhu PP, geus kacapangan PP teh ngalaman zaman keemasanana mah puguh
mangsa dipingpin ku Oto (h. 63-95).
Dina level nasional, kakoncara Oto teh manusa vokal
geude wawanen (h. 99-125 jeung 162). Mitos komunikasi urang Sunda ‘heurin ku
letah” (komunikasi konteks tinggi), keur Oto mah henteu laku. Oto nemrakeun
pikiran-pikirana kalawan bruk-brak, taya anu dihiding kelir, taya anu disumput
salindungkeun. Nya meureun pigur Oto teh ngahirib-hirib kana model manusa Sunda
pra dianeksasi ku Mataram. Manusa Pajajaran anu nyarita saujratna sakumaha ku
urang karampa dina naskah Siksa Kandang Karesian, Bujangga Manik, Carita
Parahiyangan.
Beda jauh tanah ka langit jeung model kamonikasi
manusa Sunda kiwari: estuning sarwa heurin ku letah tea, malapah gedang teu
uni, sembah depong nurutkeun kumaha anu dibendo. Mun ditanyakeun kasangtukangna
ka Kang Ajip, jawabana tandes pisan, “…karena manusia Sunda menjadi manusia
yang paling lama dijajah di Indonesia dan mentalnya sudah berubah menjadi
mentalitas manusia jajahan, yang selalu ketakutan dan tidak berani mengemukakan
pikiran sendiri karena “heurin ku létah” dan sebagai abdi dalem yang setia
selalu melihat ka mana miringna nu dibendo . Penjajahan itu terbentang muali
dari Mataram (sejak awal abad ke-16) dan kemudian oleh Belanda (sejak abad
ke-18) dan Jepang (1942-1945), dan akhirnya oleh dua sistem orde yang tiranik.”
Lebah intelektualismeu Oto. Moal aya anu cangcaya.
Apan Oto sorangan masih keneh bisa mingpin koran sagala (h. 169-176) bari
kasibukan di Jakartana saabreg. Di mangsa anjeuna koran Sunda bisa jugala.
Keur sakuringeun pentingna Oto teh mun seug
niley-nileyna bisa diinternalisasikeun ku urang Sunda kiwari anu sakali deui,
keur ngarangrangan. Oto kudu ’dihirupkeun’ deui sangkan urang boga ajen. Supaya
henteu pareumeun obor, lempah jajauheun tina sakaparan-paran nuturkeun indung
suku .
Ekspkestasi mobilisasi vertikel anjeuna jadi otokrtik
keur urang, nalika kiwari Sunda ngalaman krisis kapamingpinan tong boro-boro di
tingkat nasional dalah di lemburna sorangan kaboler. Oto ngalangkungan Iip
nemrakeun pentingan ngawangun masyarakat madani di tatar Pasundan, mun geus
weueweug wangunana jigana ormas-ormas badag kayaning NU jeung Muhamadiyah anu
jaringana aya tepi ka pilemburan saindonesia, boh partey papan atas atawa
tengahna dina hiji waktu bakal dipupuhuan ku urang Sunda. Mun geus kieu lain
wae ukur jabatan Menteri dalah pingpinan nasional oge tinggal ngarawel lantaran
’modal sosialna’ geus nyampak ’modal intelektualna’ geus sayagi. Tapa di
mandala, tapa di nagara bisa diadumaniskeun pikeun mapag Sunda (jeung nagara)
anu kawengku ku ungkara tiis ceuli herang mata, hurip gustina waras abdina rea
ketan rea keton rea harta jeung rea harti jiga digambarkeun roman Pangeran
Kornel jeung Mantri Jero yasana R. Memed Sastrahadiprawira.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar